Kamis, 14 Mei 2009

HIMA PENSATRADA

Sajarah
Dumasar gagasan mahasiswa nu munggaran; Karna Yudibrata(Drs), jeung Yus Rusyana (Prof. Dr), bareng jeung medalna Seksi Bahasa dan Sastra Sunda dina taun 1957, diwangun beungkeutan dina hiji kagiatan anu disebut “Bendé Rancagé”.

Marengan mekarna kagiatan kamahasiswaan di IKIP Bandung diatur jeung dipayuskeun dumasar prosedur anu resmi, dina taun 1962 diadegkeun “WARGA MAHASISWA BASA JEUNG SASTRA SUNDA” (WBSS). Kagiatan nu digarap ku WBSS leuwih dieuyeuban deui ku ayana Saba Reuma nu mangrupa kagiatan rekreasi ka hiji tempat (bari leumpang).

Luyu jeung robahna ngaran jurusan, dina taun 1983 WMBSS ngilu robah jadi Himpunan Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (HMPBD), kalayan kagiatan nu leuwih ditingkatkeun deui, boh rupana boh ajén kagiatanana.

Kalayan harepan nembongkeun deui komara Sunda dina taun 1986 HMPBD robah deui jadi “Himpunan Mahasiswa Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda (Hima Pensatrada) FPBS IKIP Bandung” nepi ka kiwari, nu redaksina dirobah deui jadi “Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda (Hima Pensatrada) FPBS UPI” dina taun 2003.

Nepi ka kiwari, Hima Pensatrada terus ngusahakeun pikeun ngaguar jeung ngamekarkeun kagiatan kamahasiswaan nu diwariskeun ti inohong-inohong mahasiswa samemehna. Lian ti eta dironjatkeun ogé kasaimbangan kagiatan dina widang penalaran, minat jeung bakat, jeung kasejahteraan anggota.

Pupuhu WMBSS, HMPBD jeung Hima Pensatrada ti mangsa ka mangsa
Warga Mahasiswa Basa jeung Sastra Sunda
(WMBSS)

Alam Sutawijaya (1962-1964)
Agus Suriamiharja (1964-1970)
Dudung Ajat Saputra (1970-1977)
Asep Suhendar (1977-1978)
Taufik Faturrahman (1978-1979)
Edi Suhendar (1979-1980)
Dedi Koswara (1980-1981)
Cicih Sundarsih (1981-1982)
Nana Kurniadi (1982-1983)

Himpunan Mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah
(HMPBD)

Ganjar Priatna (1983-1984)
Herlan Saepulloh (1984-1985)
Iyos Ana Rosmana (1985-1986)

Himpunan Mahasiswa Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda
(Hima Pensatrada)

Apip Ruhamdani (1986-1987)
Dani Suhandani (1987-1988)
Gunawan (1988-1989)
Uus Sugiana (1989-1990)
Yudi budiman (1990-1991)
Timan (1991-1992)
Asep Dachlan (1992-1993)
Kardiman (1993-1994)
Entoh (1995-1996)
Retty Isnendes (1996-1997)
Uhud Solehudin (1997-1998)
Nanin Nuraningsih(1998-1999)
Hernawan (1999-2000)
Asep Fajar Ansori(2000-2001)
Dadan Hamdani (2001-2002)
Iid Abdul Muiz (2002-2003)

Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda
(Hima Pensatrada)
Jana Sujana (2003-2004)
Tarlan (2004-2005)
Diqi Munawwar Shodiq (2005-2006)
Adhika Nurkholis Aziz (2006-2007)
Yanuarisnandar Mauludi(2007-2008)
Karsim (2008-2009)

VISI jeung MISI Hima Pensatrada FPBS UPI
Visi jeung Misi Hima Pensatrada FPBS UPI nya eta tujuan Hima Pensatrada nu aya dina Anggaran Dasar Hima Pensatrada BAB VII pasal 11 nu eusina “Hima Pensatrada FPBS UPI ngabogaan tujuan pikeun ngawangun insan akademis anu kritis, religius jeung revolusioner kalawan nepi ka ngabogaan rasa tanggung jawab tur partisipasi aktif dina enggoning ngawujudkeun pangwangunan nasional”.

Fungsi
Hima Pensatrada FPBS UPI mibanda fungsi salaku wujud tina kadaulatan mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI pikeun ngawadahan, nyalurkeun aspirasi sarta pikeun mekarkeun potensi anu aya di mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI luyu jeung aturan konstitusi nu geus disapukan. (AD Bab VI pasal 10)

Kaanggotaan
Anggota Hima Pensatrada FPBS UPI nya eta mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah nu lulus tina Pengaderan. (AD Bab VIII pasal 12)
Nu dimaksud lulus tina pengaderan nya eta lulus tina kagiatan Mitra Sunda nu ngawengku Wawanohan, Latihan Dasar Kepemimpinan Mahasiswa (LDKM) jeung Saba Reuma. (ART Bab I pasal 1)

Lambang
Lambang hima pensatrada nya eta kujang, tarate, gunung, jangjang garuda, dikurilingan ku tulisan HIMPUNAN MAHASISWA PENDIDIKAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA FPBS UPI anu aya dina hiji buleudan warna koneng emas kalayan warna dasar bulao kolot.

Harti simbolis lambang:
Kujang miboga harti jati diri Sunda
Jangjang miboga harti alat pikeun ngahontal tujuan
- Tarate miboga harti katingtriman
- Gunung miboga harti kayakinan anu kuat sarta cita-cita anu luhung
- Buleudan miboga harti hiji beungkeutan kakulawargaan
- Warna koneng emas ngalambangkeun kamulyaan jeung karaharjaan
- Warna bulao kolot nandakeun sumanget pikeun bajoang

Karatagan
ku: Imang Sugianto

Pensatrada nanjeur nyanding komara
Hurung ngempur pamorna ki sunda
Cangkring kujang nu jadi perlambang
Leber wawanen na diri

Lemah UPI baligeusan ngajadi
FPBS pamiangan tandang
Meuseuh diri pigeusaneun bakti
Wadahna hima digjaya

Seuweu siwi jati Sunda
Pangrumat pangraksa budaya
Mahasiswa sirung bangsa
Geusan tandang makalangan