Selasa, 13 April 2010

Poé Basa Indung Internasional 2010


Riksa Budaya Sunda 2010



Riksa Budaya sunda (Sabanda) 2010 téh mangrupa rarancang gawé insidental BEM Hima Pensatrada dina raraga ngamumule tur mirosea basa jeung budaya Sunda. Dina rakéan kagiatan RBS ieu téh aya sababaraha wangun kegiatan, diantarana:
1). Pasanggiri (lomba),
2). Eksebisi,
3). Bazzar, sarta
4) pentas seni

* kagiatan pasanggiri ngawengku 4 rupa:
a. Pasanggiri Sajak SMP & SMA /satata
b. Pasanggiri Pupuh SMA/satata
c. Pasanggiri Dongeng SMP/satata
d. Pasanggiri Debat antar SMA/satata

* kagaitan eksebisi di antarana baé :
a. Eksebisi Aksara Sunda
b. Eksebisi Daluang
c. Eksebisi Anyaman Awi
d. Eksebisi

*kagiatan Bazzar:
a. Pameran Buku
b. pameran kaolahan has Sunda

* Pagelaran: Dinten pamungkas baris dibagikeun hadiah pinunjul sarta aya pintonan sababaraha kasenian has Sunda ti Mahasiswa Jurusan Basa Sunda UPI katut pangeusi acara lianna.

* Sasaran : siswa-siswi SMP-SMA sa-Jawa Barat

Pendaftaran dibuka ti ping 15 Maret 2010 dugi ka 20 April 2010 – Pendaftaran tiasa langsung sumping ka sekretariat Panitia Riksa Budaya Sunda (RBS) 2010 atanapi ngalangkungan pos ka Sekretariat Hima Pensatrada Jl. Dr Setiabudhi No. 229 Gd. FPBS blok C Lt. II UPI Bandung 40154 kalayan ngalampirkeun Formulir Pendaftaran anu tos disayogikeun.
- Pendafataran tiasa ngalangkungan kana email : riksabudayasunda@yahoo.com sateuacan kaping 12 April 2010. Pembayaranna ka No. rekening 0133309530 BNI Cabang UPI a.n. Amarullah.

Technical Meeting
SMP satata kaping 19 April 2010
SMA Satata kaping 20 April 2010
tempat : Gd. FPBS blok C Lt.II, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Pusat Informasi Kagiatan: Sekretariat BEM Hima Pensatrada Jl. Dr Setiabudhi No. 229 Gd. FPBS Blok C Lt.II UPI Bandung, 40154. CP : Luxaz Priansyah (085793845739), Amarullah (08524111244)