Sabtu, 27 Juli 2013

Hikmah Gema Romadon 2013


Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa Jeung Sastra Sunda (Hima Pensatrada) UPI geus ngalaksanakeun kagiatan Gema Romadon 2013 (26/7). Acara nu pas meneran jeung poé dipiéingna Nuzulal Quran ieu dilaksanakeun di Lab. Bahasa lt.4 Gedung Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni (FPBS) UPI Bandung.
Pupuhu Calagara, Éggy Aditiar nétélakeun yén kagiatan Gema Romadon téh mangrupa salah sahiji kagiatan insidental Sub. Bidang Karohanian. “Ieu acara téh mangrupa salah sahiji kagiatan insidental himpunan nu maneuh diayakeun tiap tahun” pokna. Égi ogé ngajelaskeun yén ieu kagiatan téh bisa jadi salah sahiji tempat pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi papada warga himpunan disagédéngeun ngareuah-reuah Bulan Puasa.
Najan teu diluuhan ku réngréngan dosén jurusan, acara nu miboga tema “Amal ku haté wening, bukti jati diri mu’min sajati” ieu bisa disebut lancar. Sakumaha nu ditepikeun ku Suci Nurul Qoriah salaku ketua Sub. Bidang Karohanian, yén acara Gema Romadon taun ayeuna leuwih hadé deui tibatan taun kamari. Boh tina segi acarana, boh partisipasi pamilonna.
Réspon positif ogé katémbong ti para pamilonna. Maranéhna katémbong daria pisan dina miluan sakabéh runtuyan acara. Anapon runtuyan acarana nya éta tausiyah kaagamaan ti Ustad Gita, nongton film Kaislaman, pintonan seni religi, sarta dipungkas ku buka bareng warga himpunan.
Suci ogé miharep Gema Romadon taun satuluyna bisa leuwih hadé deui, utamana mah tina segi acara sarta pamilonna. Sabab acara Kaagamaan samodél kieu bisa dijadikeun sarana pikeun mengkukhkeun deui spiritual mahasiswa. [Humas Pensatrada].


Rabu, 24 Juli 2013