Minggu, 08 Agustus 2010

Mitra Sunda 2010

Sunda, Sunda, Sunda Jaya!!

Wilujeng ka mahasiswa entragan 2010 nu tos ngrèngsèkeun prosès administrasi turta katampi di Universitas Pendidikan Indonesia. Wilujeng Sumping di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Wilujeng Sumping di Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda (HIMA PENSATRADA).

Saucap, Sarèngkak, Saparipolah!!
Dina nyanghareupan situasi kampus di Universitas Pendidikan Indonesia, hususna situasi nu aya di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, tangtuna waè kedah aya prosèsna. Hal ieu nu baris diupayakeun ku BEM HIMA PENSATRADA. Prosès ngawanohkeun kaayaan kampus, boh di jurusan atanapi di universitas. Salahsahiji mètode na nya èta ku pengkaderan. Pengkaderan nu aya di BEM HIMA PENSATRADA dingaranan Mitra Sunda (nu mana kagiatanna ngawengku Wawanohan, LDKM, jeung Saba Reuma). Acara Mitra Sunda sorangan nu miboga tema "Saucap, Sarèngkak, Saparipolah" baris dimimitian ti;

Ping : 23 Agustus 2010
Waktos : 08-00 wib - Rèngsè
Tempat : Gedung FPBS anyar Lt.II ruang 110
Agènda : Pra Wawanohan



Patali sareng èta, Panata Calagara miharep ka mahasiswa entragan 2010 pikeun ngaluuhan kana acara ieu. anapon acara satuluyna baris diinformasikeun deui.

Anapon petunjuk teknis nu kedah digugu dina ngalakonan Mitra Sunda, baris dijèntrèkeun di handap;

PETUNJUK TÉHNIS MITRA SUNDA 2010
HIMA PENSATRADA



A. PAMILON

I. KATANGTUAN UMUM

1. Pamilon nya éta Mahasiswa Pendidikan Bahasa daerah FPBS UPI éntragan 2010 anu geus ngalaksanakeun régistrasi di BAAK jeung di himpunan, ogé mahasiswa saacanna anu daftar jadi pamilon.

2. Hak jeung Kawajiban Pamilon Mitra Sunda sakumaha aya dina Undang-undang
Pengkaderan Hima Pensatrada nya éta:

a. Kawajiban
1. Pamilon Mitra Sunda wajib milu sakabéh kagiatan Mitra Sunda 2010
2. Tuhu kana sagala aturan anu geus ditangtukeun ku panitia

b. Hak
1. Pamilon Mitra Sunda boga hak pikeun nampa fasilitas kagiatan Mitra Sunda
lamun geus nyumponan administrasi.
2. Pamilon boga hak ménta kaadilan, saupama aya pacogregan jeung Panitia Mitra
Sunda ngaliwatan DPM Hima Pensatrada, saterusna DPM ngalaporkeun ka Pupuhu
BEM Hima Pensatrada salaku penanggung jawab.
3. Hak meunang dispensasi ti panitia, nalika mibanda kasakit kalayan
ngalaporkeun maneh ka panitia, sarta mawa surat katerangan ti dokter atawa
alesan lian anu jelas.
4. Hak meunang sertifikat ti Hima Pensatrada sabada lulus Mitra Sunda.

II. KATANGTUAN HUSUS

1. Tata tertib
a. Dina unggal lawungan/gempungan pamilon kudu hadir tepat waktu dina unggal
acara.
b. Migawé sakabéh pancén anu geus dibikeun ku panitia.
c. Ngajaga étika jeung tatakrama, némbongkun paripolah sopan anu luyu jeung
tetekon urang Sunda.
d. Ngajaga réputasi Hima Pensatrada jeung Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS
UPI.
e. Teu meunang mawa roko, narkoba, jeung pakakas seukeut nalika kaghiatan lumangsung.
f. Teu meunang ngaktrifkeun HP jeung barang éléktronik liuanna salila kagiatan lumangsung.
g. Maké pakéan rapih, kalayan katangtuan:

Nalika Kagiatan lawungan

Lalaki
- Maké calana panjang katun (modél standar);
- Maké kaméja sarta dikajerokeun;
- Maké sapatu jeung kaos kaki;
- Maké beubeur;
- Standar buuk : 3 cm, rapih, henteu dicét;
- Kumis jeung janggot dikurud;
- Teu meunang maké asésoris salian ti érloji.

Awéwé
- Maké rok panjang teu ngetat (model Standar);
- Maké kaméja teu ngetat sarta dikajerokeun;
- Maké sapatu jeung kaos kaki;
- Maké beubeur;
- Buuk kudu rapih sarta teu dicét (dibeungkeut anu teu maké jilbab);
- Teu meunang maké asésoris anu kaleuleuwihi iwal ti érloji.

Nalika Kagiatan Wawanohan

Lalaki
- Maké baju kamprét, calana pangsi warna hideung jeung iket;
- Standar buuk : 3 cm, rapih, henteu dicét;
- Maké sarung disalémpangkeun;
- Maké sendal sapatu (lain sendal capit);
- Teu meunang maké asésoris salian ti érloji.

Awéwé
- Buuk kudu rapih sarta teu dicét (dibeungkeut anu teu maké jilbab tapi lain digelung);
- Maké kabaya jeung disinjang;
- Teu meunag maké make up anu kaleuleuwihi;
- Teu meunang maké asésoris nu kaleuleuwihi.

Nalika kagiatan LDKM

Lalaki
- Maké kopéah hideung;
- Standar buuk : 3 cm, rapih, henteu dicét;
- Maké kaméja bodas polos leungeun panjang;
- Maké dasi warna hideung;
- Maké calana panjang katun warna hideung (modél standar);
- Maké kaos kaki jeung sapatu pentopel warna hideung;
- Maké beubeur warna hideung;
- Maké tanda pamilon (name tag);
- Teu meunang maké asésoris salian ti érloji.

Awéwé
- Buuk dibeungkeut rapih sarta teu dicét lamun dijilbab kudu warna bodas;
- Maké kaméja bodas polos leungeun panjang (teu ngetat);
- Maké dasi kupu-kupu warna hideung (nu maké jilbab, diluareun jilbab);
- Maké erok panjang warna hideung satandar (teu ngetat);
- Maké tanda pamilon (name tag);
- Maké beubeur warna hideung;
- Teu meunang maké make up jeung perhiasan anu kaleuleuwihi.

Nalika Kagiatan Saba Reuma

Lalaki
- Maké kaos leungeun panjang hideung polos;
- Maké calana PDL warna hideung;
- Maké syal biru Hima pensatrada;
- Maké kaos kaki hideung;
- Maké sapatu nu warna dominanna hideung;
- Maké beubeur hideung;
- Maké dudukuy samak;
- Standar buuk : 3 cm, rapih, henteu dicét;
- Maké tanda pamilon (ditangtukeun)
- Teu meunang maké asésoris anu kaleuleuwihi;
- Teu meunang mawa alat-alat éléktronik.


Awéwé
- Buuk dibeungkeut rapih sarta teu dicét lamun dijilbab kudu warna hideung;
- Maké kaos leungeun panjang hideung polos;
- Maké calana PDL warna hideung;
- Maké syal biru Hima Pensatrada;
- Maké sapatu nu dominan warna hideung;
- Maké beubeur, kaos kaki (warna hideung);
- Maké dudukuy samak;
- Maké tanda pamilon nu geus ditrangtukeun;
- Teu meunang maké asésoris anu kaleuleuwihi;
- Teu meunang mawa alat-alat éléktronik.


h. Mawa buku wawanohan anu katangtuanna nya éta :
1) Sampul Biru dongker (Asturo No.12) sarta disampul plastikan;
2) Dina Sampul harep digambar Logo Mitra Sunda 2010 luhureun gambar ditulis WAWANOHAN, handapeun gambar Logo ditulis Ngaran jeung NIM;

3) Lembar kahiji :

Biodata
Wasta :
NIM :
Nénéh :
Tempat, Ping Gumelar :
Padumukan :
Panganjrekan di Bandung :
Asala Sakola :
Kalangenan :
No. Kontak :
Silokaning Hirup :
.........................................................................foto warna

(tawisan)....................................................................3X4
__________________
NIM.


Lembar kadua :

Saucap, Saréngkak, Saparipolah

Silih Asih ku Pangarti,
Silih Asah ku Pangabisa,
Silih Asuh ku Pangweruh.



4) Lembar katilu HYMNE UPI;
5) Lembar Kaopat KARATAGAN PENSATRADA;
6) Lembar Salajengna ditulis:


Wawanohan jeung Dosen Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (4 kaca)
didamel kolom, kagigirna 6 kolom nu eusina:
No. Wasta, Kalungguhan, Padumukan, Amanat, Paraf.

Wawanohan jeung Pangurus DPM Hima Pensatrada FPBS UPI Periode 2010/2010 (2 Kaca)
didamel kolom, kagigirna 5 kolom nu eusina:
No. Wasta, Kalungguhan, Padumukan, Paraf


Wawanohan jeung Pangurus BEM Hima Pensatrada FPBS UPI Periode 2010/2010 (5 Kaca)

didamel kolom, kagigirna 5 kolom nu eusina:
No. Wasta, Kalungguhan, Padumukan, Paraf


Wawanohan jeung Panata Calagara Mitra Sunda 2010 (5 Kaca)
diamel kolom, kagigirna 5 kolom nu eusina:
No. Wasta, Kalungguhan, Padumukan, Paraf

Wawanohan jeung Lanceuk Tingkat (5 Kaca)
didamel kolom, kagigirna 5 kolom nu eusina:
No. Wasta, Entragan, Padumukan, Paraf


Wawanohan jeung Babaturan Sa-entragan (5 Kaca)
didamel kolom, kagigirna 7 kolom nu eusina:
No. Wasta, NIM, Padumukan, Panganjrekan, No.Kontak. Paraf


i. Mawa buku pancén anu katangtuanna sarua saperti buku wawanohan tapi nepi ka no. 5) kalawan parobahan dina sampulna luhureun logo Mitra Sunda ditulisna BUKU PANCÉN.


2. Reumpakan

a. Reumpakan Hampang:
- Datang telat kurang ti 10 menit;
- Ngaktipkeun HP atawa barang éléktronik lianna nalika kagiatan lumangsung;
- Teu nerapkeun étika kalayan bener.

b. Reumpakan Sedeng:
- Datang telat leuwih ti 10 menit;
- Teu migawé pancén anu geus dibikeun ku panitia;
- Maké pakéan teu luyu jeung katangtuan nu geus dijelaskeun;
- Mawa jeung ngaroko salila kagiatan lumangsung;
- Ngareumpak 3 kali Reumpakan hampang.

c. Reumpakan Beurat:
- Ngarempak 3 kali Reumpakan sedeng;
- Mawa narkoba, miras, psikoteopika jeung zat adiktif lianna;
- Mawa pakarang anu teu bisa dipertanggungjawabkeun;
- Teu bisa ngajaga réputasi Hima Pensatrada jeung Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.




CP:
085624041389 (Arif Ali Abdilah)
085720940046 (Edi Sutardi)
085723029537 (Dede Riza Nurjaman)