Sabtu, 25 April 2009

Saémbara Ngarang Drama Sunda 2009 PP-SS

PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) rampak gawé jeung Téater Sunda Kiwari (TSK) baris ngayakeun deui Saémbara Ngarang Naskah Drama Sunda 2009. Ieu saémbara téh minangka tarékah ngaronjatkeun minat pangarang nulis naskah drama Sunda. Naskah pinunjul dina ieu saémbara baris dipintonkeun dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) 2010 nu diayakeun ku TSK.


Katangtuanana:

1. Saha waé bisa miluan ieu saémbara.
2. Naskah ditulis dina basa Sunda, mun aya kekecapan tina basa wewengkon atawa basa deungeun kudu diterangkeunana sasaruanana dina basa lulugu dina catetan kaki.
3. Naskah diketik dina keretas A4, 1,5 spasi, maké huruf Times New Roman 12pt (mun maké komputer).
4. Téma naskah bébas (komédi, romantik, tragédi, jsté) asal teu méngpar tina tetekon, ugeran, papagon jeung moral bangsa katut agama.
5. Naskah asli (lain salinan/tarjamahan atawa saduran), can kungsi dimuat boh dina média citak/éléktronik boh dina buku, tur can kungsi dipéntaskeun.
6. Panjang karangan kira-kira 60 meniteun upama dipéntaskeun.
7. Jumlah tokoh jeung adegan teu diwatesanan.
8. Unggal pangarang ngan bisa ngirimkeun hiji naskah drama (sajudul).

Cara Ngirimkeunana:

1. Dina amplop ditulis “Saémbara Ngarang Naskah Drama Sunda PP-SS 2009″, kirimkeun ka: Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung 40264.
2. Naskah diémbohan ku katerangan ngeunaan pangarang.
3. Lian ti kana pos, naskah bisa dikirim kana émail pangarangsunda@yahoo.co.id atawa saembaradrama2009@yahoo.com.
4. Naskah kudu geus katarima ku panitia paling leuir 31 Agustus 2009 (cap pos).

Pangajén:

1. Panitia nangtukeun déwan juri pikeun niténan/ngajén naskah dina ieu saémbara, sarta nangtukeun ugeranana (kritéria).
2. Déwan juri milih lima (5) karangan pinunjul, sarta nangtukeun pinunjul I, II, II jeung dua (2) pinunjul harepan.
3. Naskah nu jadi pinunjul baris diumumkeun bulan Oktober 2007.
4. Disayagikeun hadiah keur para pinunjul nu gemblengna 10 juta rupia.

Bandung, April 2009
Panitia Saémbara Ngarang Drama Sunda 2009

Tidak ada komentar: