Kamis, 31 Maret 2011

Nasib Mahasiswa Jurusan Sunda

Geus lain rusiah deui mun mahasiswa ayeuna miboga udagan (orientasi) ngan saukur mikiran widang akademikna. Conto ieu loba tur karandapan ku urang ayeuna. Memang aya paktor nu mangaruhan hal ieu, salasahijina nyaéta sistem kampus. Sistem kampus nu ayeuna memang nungtut urang kana hal-hal akademik dina harti kuliah nu jadi tungtutan ayeuna, nepi ka aya basa nu penting mah kuliah-lulus tuluy gawé atawa jadi PNS (bari jeung teuing meunang naon dina pakuliahanna). Sadar teu sadar hal éta nu jadi udagan (oriéntasi) mahasiswa ayeuna téh. Lian ti éta pasualan kurikulum nu dilarapkeun éta sorangan jadi paktor nu mangaruhan kana orientasi mahasiswa ayeuna, umpamana masalah pancén nu beuki dieu beuki jadi pagawéan mahasiswa di kosanna, SKS nu ayeuna mingkin heureut, jeung ayana semester padat (SP) ogé mangaruhan kana oriéntasi mahasiswa. Mun geus oriéntasina kitu hartina mahasiswa bakal ditungtut sina gancang-gancang lulus, hal ieu nu ngajadikeun urang jadi mahasiswa nu akademis. Memang urang teu kitu waé kudu mopohokeun kana widang akademik da ieu pan nu jadi udagan mimiti urang ti lembur ka kampus téh, keur kuliah, “nyuprih élmu” ceuk sepuh mah. Tapi kudu jadi émutan, saenyana nyuprih élmu téh siga kumaha? Kitu deui pasualan kuliah, kuliah nu kumaha nu kudu dilakonan téh? Kuliah nu ngan saukur kuliah? Tong nepi ka ahirna urang jadi mahasiswa nu dis-oriéntasi, nu kuliah-lulus-gawé téa, bari jeung teu meunang nanaon (kamampuh).

Kaayaan saperti ieu memang keur karandapan ku mahasiswa sacara umum hartina teu di jurusan urang teu di jurusan nu séjén, orientasi mahasiswa ayeuna nya kitu téa, nu ahirna mah lolobana ngagugulung nu ngaranna kuliah (da hayang gancang lulus). Padahal disagédéngen éta aya hal nu kawilang penting, umpamana masalah organisasi. Aktip di salasahiji organisasi saenyana jadi hiji poin penting keur mahasiswa mah, lantaran di dieu maranéhna mekarkeun dirina, boh éta dina hal pangaweruh, mental atawa kamampuhna (pangabisa). Ngan nu dijadikeun pertanyaan téh naha enya mahasiswa ayeuna sadar kana hal éta? Tangtuna pertanyaan éta kedah diwaler ku sewang-sewangan.

Ngeunteung kana kaayaan éta urang ayeuna kudu ngujur awak ngukur diri, sadar teu sadar mahasiswa Sunda ayeuna geus mimiti dis-oriéntasi, dina harti nu jadi udagan nyaéta gancang lulus téa (tanpa mikir prosés lulus na siga kumaha). Mun seug kitu aharina bakal kaukur lulusan-lulusan nu kumaha nu di luluskeun ku Jurusan Sunda téh?
Nu jadi émutan deui téh tanggungjawab urang kana paélmuanana tur ka masarakat ayeuna kumaha? Nu cenah masarakat ayeuna geus teu sadar kana Bangsana.***

Institusi Organisasi jeung Strategi Gerakan

Tidak ada komentar: